Kuring sarerea nuturkeun eta pelayan India ka jero imah. Manehna eureun hareupeun panto nu muka.
“Kalebet,” ceuk hiji sora.
Kuring sarerea asup, Holmes, Nona Morstan jeung kuring sorangan ngarasa heran. Rohangan tempat sarerea nangtung pinuh ku ornamen lukisan India. Karpetna lemes jeung kandel pisan. Aya dua kulit maung napel dina dingding.
Di tengah rohangan nangtung saurang jalma asing pendek leutik sirahna botak. Manehna imut tapi katempona gugup.
“Wasta abdi Thaddeus Sholto,” ceuk eta jalma nu botak sirahna. “Ibu Nona Morstan tangtosna. Dupi Bapa-bapa ieu ….?”
“Ieu Pa Sherlock Holmes sareng ieu Dokter Watson.”
“Dokter!” ceuk Thaddeus Sholto bungah.”Oh, tiasa marios jajantung abdi? Abdi hariwang ku jajantung abdi.”
Kuring mariksa jajantungna. Jajantungna teu nanaon. “Jajantung Bapa teu sawios-wios,” ceuk kuring.
“Abdi kalintang bingahna,” ceuk Thaddeus Sholto. “Nona Morstan, tuang rama jajantungna lemah. Pami jajantungna kiat mah mungkin anjeunna dinten ieu masih jumeneng.”
Nona Morstan diuk, beungeutna robah jadi pias.
“Abdi terang yen pun bapa tos pupus,” ceuk Nona Morstan. Cipanonna nyurucud.
Kuring ambek ka Thaddeus Sholto. Manehna teu sadar geus ngabalukarkeun Nona Morstan sedih.
“Carioskeun, naon margina abdi sareng nu sanesna dicandak ka dieu,” ceuk Nona Morstan. Thaddeus Sholto nembrakkeun carita aheng, dibandungan ku sarerea.

“Pun bapa Mayor Sholto ti Angkatan Darat India. Anjeunna pangsiun ti angkatan darat kinten-kinten sabelas taun kapengker. Anjeunna ngagaleuh bumi di London Kaler. Bumina dingaranan Pondicherry Lodge. Pun bapa kagungan putra mung dua, abdi sareng pun lanceuk, Bartholomew. Abdi terang yen Kapten Morstan, ramana Nona Morstan, sareng pun bapa sosobatan di India.
Nalika abdi nguping yen Kapten Morstan ilang, abdi kalintang sedihna. Abdi sareng pun lanceuk, Bartholomew, oge terang yen pun bapa kagungan kasieun. Anjeunna tara kaluar nyalira. Anjeunna sering nyarioskeun perkawis saurang jalma nu sampeanna kayu nuturkeun anjeunna. Anjeunna kalintang sieuneunna ku eta jalma.”
“Kantos nyarioskeun naon margina sieun?” Holmes nanya.
“Henteu,” walon Thaddeus Sholto. Tuluy manehna neruskeun carita.
“Dina hiji dinten taun 1882, pun bapa nampi serat ti India. Eta serat ngabalukarkeun anjeunna sedih. Anjeunna teu damang. Ti dinten ka dinten panyawatna tambih wales. Dina kaayaan ampir sahoseun, anjeunna ngagentraan abdi sareng pun lanceuk. Abdi nyampeurkeun ka kamarna. Anjeunna miwarang abdi ngonci panto. Tuluy anjeunna nyepeng leungeun abdi sareng pun lanceuk, tuluy nyarios yen anjeunna palay nyarioskeun hal anu saleresna perkawis pupusna Kapten Morstan. Anjeunna hiji-hijina nu uninga kana ieu rusiah.
“Nalika pun bapa aya di India sareng Kapten Morstan, aranjeunna mendakan harta karun. Eta harta karun teh dingaranan Harta Karun Great Agra. Perhiasan ieu harta karun nileyna langkung ti sajuta pound. Harta karun teh dibantun mulih ku pun bapa ka Inggris. Kapten Morstan nyusul ka bumi pun bapa nyuhunkeun harta karun bagianna. Namung harta karun teh ngabalukarkeun pun bapa janten sarakah. Anjeunna alimeun masihkeun ieu harta ka Kapten Morstan. Anjeunna palay nyimpen eta harta sadayana kanggo nyalira. Kapten Morstan bendu. Aranjeuna pasea parea-rea omong. Pun bapa uningaeun yen jajantung Kapten Morstam lemah. Raray Kapten Morstan ngadadak pias. Di payuneun pun bapa Kapten Morstan maot. Anjeunna bingung naon nu kedah dipilampah. Ajeunna henteu mateni Kapten Morstan. Namung anjeunna sieun batur nyangka anjeunna nu ngabunuh Kapten Morstan. Teu seueur saur anjeunna nyumputkeun mayit oge nyumputkeun Harta Karun Great Agra.”
“Teu lami beja sumebar ka sakuliah London yen Kapten Morstan ilang. Mung pun bapa nu uninga kana kajantenan nu saleresna. Anjeunna nyarios ka abdi sareng pun lanceuk yen yuswana moal lami deui. Anjeunna nyarios yen anjeunna janten jalmi sarakah tur jahat. Anjeunna nyarios yen anjeunna tos sasar lampah. Harta Karun Great Agra teh henteu ngajadikeun anjeunna senang, mung ngabalukarkeun rasa sieun sareng rasa salah. Tuluy anjeunna nyarios yen Kapten Morstan kagungan putra istri namina Mary. Tuluy anjeunna nyarioskeun tempat harta disumputkeun. Teu lami ngadadak raray pun bapa robih. Anjeunna nunjuk kana jandela, bari nembongkeun rasa nu kacida sieunna anjeunna nyorowok, “Singkahkeun manehna! Singkahkeun manehna!”
“Abdi sareng pun lanceuk ngareret kana jandela. Katingal di luareun jandela aya beungeut nu pikasieuneun, janggotan warna hideung, panonna serem. Kuring lumpat muru jandela, tapi eta jalma tos teu aya. Nalika nyampeurkeun deui ka pun bapa di ranjang, anjeunna tos pupus.”
“Tuluy Bapa kumaha?” tanya Holmes.

“Abdi sareng pun lanceuk lumpat ka pakarangan,” walon Sholto. “Abdi luak-lieuk ka sakurilingna, namung taya nanaon. Enjingna abdi sareng pun lanceuk lebet ka kamar pun bapa. Nalika abdi sareng pun lanceuk wengi tadi di luar, rupina aya jalma nu ka lebet. Gigireun mayit pun bapa aya salambar keretas. Dina eta keretas aya tulisan nu unina “Tanda Opat”.****(Lajengkeuneun)