Minggu, November 22, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Bab 4: Tilar Dunyana Mayor Sholto

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
15 Desember 2020
in Warta Sunda
0
Bab 4: Tilar Dunyana Mayor Sholto
Share on FacebookShare on Twitter

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Kuring sarerea nuturkeun eta pelayan India ka jero imah. Manehna eureun hareupeun panto nu muka.

“Kalebet,” ceuk hiji sora.

Kuring sarerea asup, Holmes, Nona Morstan jeung kuring sorangan ngarasa heran. Rohangan tempat sarerea nangtung pinuh ku ornamen lukisan India. Karpetna lemes jeung kandel pisan. Aya dua kulit maung  napel dina dingding.

Di tengah rohangan nangtung saurang jalma asing pendek leutik sirahna botak. Manehna imut tapi katempona gugup.

“Wasta abdi Thaddeus Sholto,” ceuk eta jalma nu botak sirahna. “Ibu Nona Morstan tangtosna. Dupi Bapa-bapa ieu ….?”

“Ieu Pa Sherlock Holmes sareng ieu Dokter Watson.”

“Dokter!” ceuk Thaddeus Sholto bungah.”Oh, tiasa marios jajantung abdi? Abdi hariwang ku jajantung abdi.”

Kuring mariksa jajantungna. Jajantungna teu nanaon. “Jajantung Bapa teu sawios-wios,” ceuk kuring.

“Abdi kalintang bingahna,” ceuk Thaddeus Sholto. “Nona Morstan, tuang rama jajantungna lemah. Pami jajantungna kiat mah mungkin anjeunna dinten ieu masih jumeneng.”

Nona Morstan diuk, beungeutna robah jadi pias.

“Abdi terang yen pun bapa tos pupus,” ceuk Nona Morstan. Cipanonna nyurucud.

Kuring ambek ka Thaddeus Sholto. Manehna teu sadar geus ngabalukarkeun  Nona Morstan sedih.

“Carioskeun, naon margina abdi sareng nu sanesna dicandak ka dieu,” ceuk Nona Morstan. Thaddeus Sholto nembrakkeun carita aheng, dibandungan  ku sarerea.

“Wasta abdi Thaddeus Sholto,” ceuk lalaki nu sirahna botak.

“Pun bapa Mayor Sholto ti Angkatan Darat India. Anjeunna pangsiun ti angkatan darat kinten-kinten sabelas taun kapengker. Anjeunna ngagaleuh bumi di London Kaler. Bumina dingaranan Pondicherry Lodge. Pun bapa kagungan putra mung dua,  abdi sareng pun lanceuk, Bartholomew. Abdi terang yen Kapten Morstan, ramana Nona Morstan, sareng pun bapa sosobatan di India.

Nalika abdi nguping yen Kapten Morstan ilang, abdi kalintang sedihna. Abdi sareng pun lanceuk, Bartholomew, oge terang yen pun bapa kagungan kasieun. Anjeunna tara kaluar nyalira. Anjeunna sering nyarioskeun perkawis saurang jalma nu sampeanna kayu nuturkeun anjeunna. Anjeunna kalintang sieuneunna ku eta  jalma.”

“Kantos nyarioskeun naon margina sieun?” Holmes nanya.

“Henteu,” walon Thaddeus Sholto. Tuluy manehna neruskeun carita.

“Dina hiji dinten taun 1882, pun bapa nampi serat ti India. Eta serat ngabalukarkeun anjeunna sedih. Anjeunna teu damang. Ti dinten ka dinten panyawatna tambih wales. Dina kaayaan ampir sahoseun, anjeunna ngagentraan abdi sareng pun lanceuk. Abdi nyampeurkeun ka kamarna. Anjeunna miwarang  abdi ngonci panto. Tuluy anjeunna nyepeng leungeun abdi sareng pun lanceuk, tuluy nyarios yen anjeunna palay nyarioskeun hal anu saleresna perkawis pupusna Kapten Morstan. Anjeunna hiji-hijina nu uninga kana ieu rusiah.

“Nalika pun bapa aya di India sareng Kapten Morstan, aranjeunna mendakan harta karun. Eta harta karun teh dingaranan Harta Karun Great Agra. Perhiasan ieu harta karun nileyna langkung ti sajuta pound. Harta karun teh dibantun mulih ku pun bapa ka Inggris. Kapten Morstan nyusul ka bumi pun bapa   nyuhunkeun harta karun bagianna. Namung harta karun teh ngabalukarkeun pun bapa janten sarakah. Anjeunna alimeun masihkeun ieu harta ka Kapten Morstan. Anjeunna palay nyimpen eta harta sadayana kanggo nyalira. Kapten Morstan bendu. Aranjeuna pasea parea-rea omong. Pun bapa uningaeun yen jajantung Kapten Morstam lemah. Raray Kapten Morstan ngadadak pias. Di payuneun pun bapa Kapten Morstan maot. Anjeunna bingung naon nu kedah dipilampah.   Ajeunna henteu mateni Kapten Morstan. Namung anjeunna sieun batur nyangka anjeunna nu ngabunuh Kapten Morstan. Teu seueur saur anjeunna nyumputkeun mayit oge nyumputkeun Harta Karun Great Agra.”

“Teu lami beja sumebar ka sakuliah London yen Kapten Morstan ilang. Mung pun bapa nu uninga kana kajantenan nu saleresna. Anjeunna nyarios ka abdi sareng pun lanceuk yen yuswana moal lami deui. Anjeunna nyarios yen anjeunna janten jalmi sarakah tur jahat. Anjeunna nyarios yen anjeunna tos sasar lampah. Harta Karun Great Agra teh henteu ngajadikeun anjeunna senang, mung ngabalukarkeun rasa sieun sareng rasa salah. Tuluy anjeunna nyarios yen Kapten Morstan kagungan putra istri namina Mary. Tuluy anjeunna nyarioskeun tempat harta disumputkeun. Teu lami ngadadak raray pun bapa robih. Anjeunna nunjuk kana jandela, bari nembongkeun rasa nu kacida sieunna anjeunna nyorowok, “Singkahkeun manehna! Singkahkeun manehna!”

“Abdi sareng pun lanceuk ngareret kana jandela. Katingal di luareun jandela aya beungeut nu pikasieuneun, janggotan warna hideung, panonna serem. Kuring lumpat muru jandela, tapi eta jalma tos teu aya. Nalika nyampeurkeun deui ka pun bapa di ranjang, anjeunna tos pupus.”

“Tuluy Bapa kumaha?” tanya Holmes.

Anjeunna nunjuk kana jandela, bari nembongkeun rasa anu kacida sieunna anjeunna nyorowok, “Singkahkeun manehna! Singkahkeun manehna!”

“Abdi sareng pun lanceuk lumpat ka pakarangan,” walon Sholto. “Abdi luak-lieuk ka sakurilingna, namung taya nanaon. Enjingna abdi sareng pun lanceuk lebet ka kamar pun bapa. Nalika abdi sareng pun lanceuk wengi tadi di luar, rupina  aya jalma nu ka lebet. Gigireun mayit pun bapa aya salambar keretas. Dina eta keretas aya tulisan nu unina “Tanda Opat”.****(Lajengkeuneun)

Stay connected via Google News
Follow us for the latest travel updates and guides.
Add as preferred source on Google
Tags: Bab 4: Tilar Dunyana Mayor Sholtocarita basa sundaSherlock Holmes
SendShare196Tweet123
Previous Post

Salaman dan Biola Raih Penghargaan dari Pemprov Jabar

Next Post

Penanganan Perkara Penyerangan Pengawal MRS Kepada Petugas Polri

RelatedPosts

Vihara Sian Djin Kupoh
Warta Sunda

Vihara Sian Djin Kupoh

26 Januari 2021
Tarumanagara Jaman Purnawarman
Warta Sunda

Tarumanagara Jaman Purnawarman

26 Januari 2021
Raja Tarumanagara ti Magadha
Warta Sunda

Raja Tarumanagara ti Magadha

26 Januari 2021
Runtagna Karajaan Tarumanagara
Warta Sunda

Runtagna Karajaan Tarumanagara

26 Januari 2021
SDN Pisangsambo I Cagar Budaya Sakola di Tirtajaya
Warta Sunda

SDN Pisangsambo I Cagar Budaya Sakola di Tirtajaya

26 Januari 2021
Lembur Waru di Kecamatan Tegalwaru
Warta Sunda

Lembur Waru di Kecamatan Tegalwaru

26 Januari 2021
Poe Basa Indung Internasional Dipieling Unggal 21 Februari Ku Umat Sadunya
Warta Sunda

Poe Basa Indung Internasional Dipieling Unggal 21 Februari Ku Umat Sadunya

26 Januari 2021
Panineungan-10-Taun-Katukang-Sawala-Guru-Basa-Sunda-Sa-Jawa-Barat-di-Kampus-Unpad
Warta Sunda

Panineungan 10 Taun Katukang Sawala Guru Basa Sunda sa-Jawa Barat di Kampus Unpad

20 Januari 2021
Metode Pembelajaran Mangsa Covid-19 di SMPN 1 Ciampel
Warta Sunda

Metode Pembelajaran Mangsa Covid-19 di SMPN 1 Ciampel

20 Januari 2021
Next Post
Penanganan Perkara Penyerangan Pengawal MRS Kepada Petugas Polri

Penanganan Perkara Penyerangan Pengawal MRS Kepada Petugas Polri

Cukup Salaman, Dokumen Kependudukan Bisa Sampai di Rumah

Cukup Salaman, Dokumen Kependudukan Bisa Sampai di Rumah

bank bjb Hadirkan Kemudahan Bayar Uji KIR di Kabupaten Bandung via Scan Barcode

bank bjb Hadirkan Kemudahan Bayar Uji KIR di Kabupaten Bandung via Scan Barcode

Leave Comment

BAZNAS Jabar Ungkap Potensi Zakat Rp33 Triliun, Penghimpunan Baru 6 Persen

22 November 2026

Gus Falah Dukung Sufmi Dasco Ahmad Jadi Cawapres, Keputusan di Tangan Prabowo

21 November 2026

Menjaga Amanah dan Merawat Kepercayaan Publik: Sebuah Catatan dari Seorang Sahabat

18 November 2026

Dr. Nurhaeni Sikki Wakili Universitas Sangga Buana dalam Forum Teknologi Perempuan ASEAN-Rusia

18 November 2026

Fathiyakan Abdullah Bangun Kerja Sama TIDAR Türkiye dengan AK Gençlik, Perkuat Jejaring Pemuda Internasional

15 November 2026

Pemuda Asal Tasikmalaya Terpilih Pimpin TIDAR Türkiye Periode 2026 – 2031

15 November 2026
Prev Next
Menjaga Amanah dan Merawat Kepercayaan Publik: Sebuah Catatan dari Seorang Sahabat
Regional

Menjaga Amanah dan Merawat Kepercayaan Publik: Sebuah Catatan dari Seorang Sahabat

by Admin 001
18 November 2026
0

Refleksi seorang sahabat untuk Erwin tentang amanah jabatan, keteladanan, dan pentingnya menjaga kepercayaan masyarakat Kota Bandung.

Dr. Nurhaeni Sikki Wakili Universitas Sangga Buana dalam Forum Teknologi Perempuan ASEAN-Rusia

Dr. Nurhaeni Sikki Wakili Universitas Sangga Buana dalam Forum Teknologi Perempuan ASEAN-Rusia

18 November 2026
Pemuda Asal Tasikmalaya Terpilih Pimpin TIDAR Türkiye Periode 2026 – 2031

Pemuda Asal Tasikmalaya Terpilih Pimpin TIDAR Türkiye Periode 2026 – 2031

15 November 2026
BAZNAS Jabar Ungkap Potensi Zakat Rp33 Triliun, Penghimpunan Baru 6 Persen

BAZNAS Jabar Ungkap Potensi Zakat Rp33 Triliun, Penghimpunan Baru 6 Persen

22 November 2026
Fathiyakan Abdullah Bangun Kerja Sama TIDAR Türkiye dengan AK Gençlik, Perkuat Jejaring Pemuda Internasional

Fathiyakan Abdullah Bangun Kerja Sama TIDAR Türkiye dengan AK Gençlik, Perkuat Jejaring Pemuda Internasional

15 November 2026
Gus Falah Dukung Sufmi Dasco Ahmad Jadi Cawapres, Keputusan di Tangan Prabowo

Gus Falah Dukung Sufmi Dasco Ahmad Jadi Cawapres, Keputusan di Tangan Prabowo

21 November 2026
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.